Jumat, 05 Februari 2016

Conto Warta tentang Proyek Kereta cepat

Assalamualaikum Wr.Wb
Pamiarsa ,wilujeung patepang deui sareng Ridwan Dani Hibatullah ,dina acara warta sunda. warta anu baris kapindangkeun nya eta Proyék Karéta Cepat Jakarta-Bandung Kudu Ngaganti 114 Ha Lahan Leuweung
Konsorsium PT Kereta cepat Indonesia China (KCIC) kudu nyadiakeun lahan saluas 114 hektar (ha) minangka gaganti 57 héktar jeung rincian panjang 11 km sarta lega 40-50 m daérah leuweung di Karawang nu rék kaliwatan proyék karéta gancang Jakarta-Bandung. Perkara éta ditepikeun ku Kapala Dinés Kehutanan Jabar Budi Susatijo, Rebo (20/1/2016).
Lahan nu aya di Kabupatén Karawang kasebut asup dina pangelolaan Kesatuan Pangelolaan Hutan (KPH) Purwakarta Perum Perhutani Unit III. Dasar aturan nu aya Idin injeum paké daérah leuweung keur tujuan komersil, kudu diganti jeung rasio 1:2. Pemprov Jabar ogé geus ngaluarkeun rékoméndasi lahan gaganti. Lahan gaganti ieu bisa di Kabupatén Karawang atawa di daérah lianna di Jabar nu masih dina kasatuan unit pangelolaan nu sarua. Panerbitan Idin ti Kamenterian Lingkungan Hirup kira-kira rék kaluar dina waktu 2-3 minggu.
Groundbreaking proyék ieu tos dilaksanakaeun poe saptu (23/1/2016) isuk ku Présidén Joko Widodo di daérah Walini di Kabupatén Bandung Kulon.
Sakitu warta nu tiasa kasanggakeun. Wilujeung tepang deui dina warta nu bakal dongkap.

Wassalamualaikum Wr.Wb

Sumber : Warta Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar